Selasa, 27 Desember 2011

PUASA LAHIR SAREUNG BATHIN


بسم الله الرحمان الرحيم
الصَّوْمُ ثَلَاثَةُ دَرَجَاتٍ : صَوْمُ اْلعَوَامِّ وَصَوْمُ الْخَوَاصِّ وَصَوْمُ خَوَاصِّ الْخَوَاصِّ
Ari puasa eta aya 3 darajat :
1.puasana kaum awam
2.puasana kaum khusus
3.puasana kaum anu langkung khusus ti aranjeunna anu khusus
أَمَّا صَوْمُ اْلعَوَامِّ فَكَفُّ اْلبَطْنِ وَاْلفَرْجِ عَنْ قَضَاءِ الشَّهْوَةِ
1.anapon ari puasana kaum awam nyaeta nyeugah patuangan sareung farji tina nyumponan syahwat (  kahoyong  )
وَأَمَّا صَوْمُ الْخَوَاصِّ فَهُوَ صَوْمُ الصَّالِحِيْنَ وَهُوَ كَفُّ الْجَوَارِخِ عَنِ اْلآثَامِ فَلَايَتِمُّ ذَلِكَ إِلَّا بِمُدَاوَمَةِ خَمْسَةِ أَشْيَاءَ الأول غضّ البصر عن كل ما يذم شرعا والثانى خفظ اللسان عن الغيبة والكذب والنميمة واليمين الغموس كما قال النبى صلى الله عليه وسلم : مَاصَامَ مَنْ ظَلَّ يَأْكُلُ لُحُوْمَ النَّاسِ وَ قَوْلُهُ صَلَّى اللهُ عَلَيْهِ وَسَلَّمَ أَيْضًا :  خمسة أشياء تخبط الصوم ( أى تبطل ثوابه ) الكذب والغيبة والنميمة واليمين الغموس والنظر بشهوة ، والثالث كف الأذن عن استماع كل مكروه والرابع كف جميع الأعضاء عن المكاره وكف البطن عن الشبهات فى وقت الإفطار إذ لامعنى للصوم عن الطعام الحلال ثمّ الإفطار على الحرم فمثله كمن بنى قصرا وهدم مصرا ، قال رسول الله صلى الله عليه وسلم كم من صائم ليس له من صيامه إلا الجوع والعطش ، والخامس أن لايستكثر من الحلال وقت الإقطار بحيث يملأ بطنه ولذا قال صلى الله عليه وسلم ما من وعاء أبغض إلى الله من بطن ملئ من الحلال
2.anapon ari puasana kaum khusus nyaeta puasana pirang-pirang jalmi anu sholih sareung ari eta puasa nyeugah sadaya anggahota tina pirang-pirang dosa mangka moal sampurna eta puasa sholihin anging kedah nganggeurkeun kana 5 pirang-pirang perkara :
a. mereumkeun paninggal soca tina sadaya perkara anu dicawad ku syara
b.ngaraksa lisan tina ngupat simuat  sareung tina ngabohong sareung tina ngadu-ngadu sareung tina sumpah anu palsu.
Sakumaha pidawuh Nabi Saw. :” Hanteua aya puasa pikeun jalmi anu dibayangan ku tuang daging jalmi.
Sreung Pidawuh-Na deui Saw. :” ari 5 perkara eta ngalebur /ngabatalkeun anu 5 kana ganjaran puasa :kahijina ngabohong, kaduana ngupat simuat, katiluna ngadu-ngadu, kaopatna sumpah anu palsu sareung kalimana ninggal kalayan ngangge syahwat “.
c.nyeugah pangrungu ceupil tina ngupingkeun saban-saban anu dipika bendu ku syara`
d.nyeugah sadaya anggahota tina anu dibilang-bilang ngewa ku syara` sareung nyeugah patuangan tina pirang-pirang syubhat dina waktos buka puasa, karana hanteu aya faedahna kana puasa neubihan kadaharan halal teuras buka puasa ku barang haram.ari sifatna jalma puasa hanteu nyeugah patuangannana eta sapertos jalma anu ngadeugkeun eta jalma kana hiji gedong barina ngancurkeun kana gedongna.
Parantos ngdawuh Nabi Saw. :” seueur jalmi anu puasa eta hasil ka eta jalmi tina puasana kajaba hasil lapar sareung dahagana wungkul. “
e.ulah nyeueurkeun jalmi anu puasa najan tina barang halal dina waktos bukana  sahingga minuhan anjeunna kana patuangannana ku sabab kitu mangka ngadawuh Kangjeung Nabi Saw. :”hanteu aya ari peujit eta anu langkung bangeut dibenduanna mungguh Alloh Swt. Tinimbang patuangan anu pinuh tina perkara barang halal.
وَأَمَّاصَوْمُ خَوَاصِّ الْخَوَاصِّ فصوم القلب عن الهمم الدنية والأفكار الدنيوية وكفه عما سوى الله بالكلية فإذا تفكر هذا الصائم فيما سوى الله يحصل الفطر من صومه وهو رتبة الأنبياء والصديقين فإنّ تحقيق هذا المقام الإقبال إلى الله تعالى بالكلية والإنصراف عن غيره
3.puasana kaum anu langkung khusus ti aranjeunna anu khusus nyaeta puasa hate tina sadaya pasejaan anu hina sareung pirang-pirang emutan bangsa dunya sareung nyeugah eta hate tina perkara saliyan Alloh Swt. Samasakali , mangka dimana mikir-mikir ieu jalmi anu puasa dina perkara anu saliyan Alloh Saw.mangka hasilna buka ( batal ) tina puasana sareung ari puasana  kaum anu langkung khusus ti aranjeunna anu khusus eta martabat Para Nabi  sareung para shiddiqin , mangka sabab kanyataannana ieu maqom eta meunghadeup jiwa ragana ka Alloh Swt. Kalayan sadayana sareung malengos salian ti Alloh Swt.